Contoh Uleman Untuk Nikahan Bahasa Sunda

Cimerak, Agustus 2012

Assalamualaikum Wr.Wb

geusan nembrakkeun kabingah nu tan wates wangeuna tur tan wiwilangan ka allah nu murbeng alam manwi tineumu mangsa rahayu tur nyampak mangsa lugina, taya halangan harungan, simkuring seja mungkas lalagasan seja syukuran ka mantena, dina raraga jatukrami anu insya allah dilaksanakeun dina :

Dinteun : Senen
kaping : 27 Agustus 2012
Tabuh : 08d/k lekasan
Tempat : Dsn. Cikahuripan Rt. 02/01
Desa Cimerak Kecamatan cimerak Blok Jumlengan

Teu aya sanes, wening galih nu dipamrih, leah manah nu diseja, mugia luntur kalbu kersa rumojong dorong du'a, malah mandar tiasa ngawangun rumah tangga anu sakinah, mawadah, warahmah, tur mangrufi kabagjaan nu taya hinggana saupami kersa sumping rurumpaheun geusan ngariung mungpulung dina waktosna